Bismillahirrohmanirrohim. Panjang lalakon nyusun ieu kamus teh. Ti payun parantos kapihatur ringkesna mah, nalika bagian "a" diterbitkeun ku Pamarentah Daerah Propinsi Jawa-Barat, taun 1969. Anu langkung paos kantor dipedar ku Sdrk. Maman Sumantri, B.A, nalika ngawakilan LBSS dina Seminar Leksikografi nu diayakeun ku Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa ping 4-7 Agustus 1975 di Tugu, Bogor.