Wahyu Wibisana (lahir di Cisayong, 19 Januari 1935) Keur di OVVO, Sakola Guru 2 taun (1949-1950), aya anu disebut "buku puisi", nyaeta buku tulis kandel bogana hiji siswa anu ngahaja dikuliyengkeun ka babaturanana sina deusian. Ari eusina teh lolobana lirik lagu anu populer jaman harita, tapi bisa oge pesen atawa gambara rasa pribadi anu ditulis dina wangunan prosa atawa puisi.