Rayat Sunda anu dumuk di wewengkon Jawa Barat beunghar ku carita-carita. Eta carita teh turun-temurun ti kolot ka anakna, ti nini/aki ka incuna, atawa talalepa ti jalma ka hiji ka jalma liana. Aya anu angger nyeples jeung carita aslina, aya oge anu ngagedean jeung nambahan di jalan.