Abdi ngahaturkeun puji nya puji alhamdulillah solawat salam teu weleh haturan keur Rosulullah kulawargi sadaya katut sahabat nu tuhu abdi umat ahir jaman Nulis lampah munggah haji dianggit ku guguritan rek ngahudangkeun lalakon katut anak pamajikan taun salapan dua opat taun geus kapungkur henteu beak panineungan