GODI DUWARNA kungsi nyebutkeun "Geus teu hayang ngagalindeng, teu hayang haharewosan. Tapi hayang ngajorowok sing tarik pisan." Sajak Sunda ti mimiti gelarna memang umumna ditulis dina wirahma anu "genah", bisa jadi kulantaran kuat pisan pangaruh tina dangding.