Kampung Dukuh teh salah sahiji kampung adat Sunda. Cara kampung adat sejenna, Kampung Dukuh mibanda tradisik unik anu diwariskeun turun-temurun ku karuhunna. Eta tradisi teh dipiara tur dijaga hari pengkuh ku urang Dukuh nepi ka ayeuna. Tradisi masarakat adat Dukuh teh pangpangna mah ngajarkeun hidup basajan, hirup anu jauh tina kamewahan jeung ngagugulung napsu dunya.